Dikumpulkeun ku:
Sanghyang Mughni Pancaniti
Paribasa
atau pepatah yang sudah diinformasikan secara lisan turun temurun dari para
leluhur (karuhun) untuk bekal menjalani kehidupan.
1.
Hubungan Dengan Sesama Mahluk
1.
Ngeduk
cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust – ngak boleh korupsi,
maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
2.
Sacangreud
pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
3.
Ulah
lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
(integrity harus mengikuti etika yang ada)
4.
Nyaur
kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat,
jelas, bermakna.. tidak asbun).
5.
Kudu hade
gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan
harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training
ini mereka punya Personality Training, dlsb).
6.
Kudu
silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi
nasihat dan mengayomi).
7.
Pondok
jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap
dijaga)
8.
Ulah
ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
9.
Bengkung
ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi
kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
10. Bobot pangayun timbang taraju
(Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common
sense, dlsb)
11. Lain palid ku cikiih lain datang
ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg
jelas sebelum melangkah).
12. Kudu nepi memeh indit (Planning
& Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare
dulu).
13. Taraje nangeuh dulang pinande
(setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
14. Ulah pagiri- giri calik,
pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
15. Ulah ngukur baju sasereg awak
(Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
16. Ulah nyaliksik ku buuk leutik
(jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
17. Ulah keok memeh dipacok (Ksatria,
jangan mundur sebelum berupaya keras).
18. Kudu bisa kabulu kabale (Gawul,
kemana aja bisa menyesuaikan diri).
19. Mun teu ngopek moal nyapek, mun
teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research &
Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di
ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat
untuk kehidupan).
20. Cai karacak ninggang batu laun
laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
21. Neangan luang tipapada urang
(Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
22. Nu lain kudu dilainkeun nu enya
kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
23. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun
paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
24. Ulah taluk pedah jauh tong hoream
pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang
mundur).
25. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi
salogak (Kompak/ team work).
2.
Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha
Kuasa)
1.
Mulih
kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng
alam, semua orang akan kembali keasalnya).
2.
Dihin
pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa
yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
3.
Melak
cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng
jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang
ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron
tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan
pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2
Indonesia nyungseb seeeeeb )? )
4.
Manuk
hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat
apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
5.
Nimu
luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita
bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
6.
Omat
urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka
menyalahkan orang lain)
7.
Urang
kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita,
misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam
kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada
yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut
terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
3.
Hubungan Dengan Alam
1.
Gunung
teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak
(Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh
dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).
2.
Tatangkalan
dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus
dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak
yang salah arti disini).
3.
Leuweung
ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus
dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
4.
Kalayan
hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina.
Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun
ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten
nu kasuhun.
5.
Jeng
dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut
silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.
6.
Ulah
nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut
geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya
saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan
silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula
diri sorangan kusorangan weh.
7.
Sing
diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait
kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun
8.
Saban-saban
robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan
manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu
reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa
kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa.
9.
Beurat
nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun)
10. Nyumput buni tinu caang, negrak
bari teu katembong. (Tawadhu)
11. Tong Kabobodo tenjo, kasemaran
tingali.
12. Najan Buuk hideung jadi bodas,
dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan
kenging ridho Gusti.
13. Indung anu ngandung bapa nu
ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung
sabab taqdir tinu maha Agung.
14. Urang kabeh teh Reket
dengdeng, papak sarua. (Sarua)
15. Teu ngakal moal ngakeul, teu
ngarah moal ngarih, teu ngoprek moal nyapek.
16. Eta dina hate maneh leungitkeun
sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat,
simuat, ujub, takabur, nyaci, maki, jeung pedit
17. Pangarti nu jadi ciri, kagagahan
anu rongkah, kapangkatan nu dipiwegah, geuning percuma tanpa dibarengan ku
kaimanan jeung kataqwaan kanu kawasa.
18. Kade loba jalma nu jadi Bibit
rurujit. Indung rurusuh. (provokator)
19. Bakal bagja dimana hiji nagara
geus Sepi paling, towong rampog, nudigawe simpe hate, kaum buruh teu ripuh,
karyawan sarenang, para tani sugih mukti, nu dagang ge sugema.Rakyatna dititah
gotong royong teu popolotot, dititah bebersih teu cecerengir, dititah nyumbang
teu nararantang.
20. Bru dijuru, bro dipanto, ngalayah
di tengah imah, buncir leuit, loba duit, ngenah nyandang, ngenah nyanding,
ngenah nyandung.
21. Para ratu mikayunyun, para menak
mikaserab, kolot ngeso, budak era, deungeun-deungeun mikadeudeuh.
22. Tong Kumeok memeh dipacok, biyuni
hayam kabiri, bodas ceuli. (mundur sebelum berperang)
23. Indit kudu bari cicing, lumampah
ulah ngalengkah.
24. Alam nirwana, alam asal, poe
panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku
poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
25. Wayang nyaeta gambaran kahirupan
manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng
sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
26. Geus loba pangarti nu kapimilik,
pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
27. Mipit amit, ngala menta, nyukcruk
walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel
tapel. (malapah gedang)
28. Sing waspada jeung permana
tinggal. (Waspada)
29. Inditna ulah ngagidig, nyokotna
ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
30. Meredih tina ati, menta tina
manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
31. Pasti teu bisa dipungkir, kadar
teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
32. Sing bisa nilik kana diri, bisa
ngukur kana kujur.
33. Elmu teh bakal ngancik tinu
nyaring, bakal cicing dinu eling
34. Niti wanci nu mustari, ninggal
mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
35. Bagja dimana boga sobat medok,
istri denok, sawah ledok.
36. Nu geulis jadi werejit, nu
lanjang jadi baruang.
37. Nyukcruk galur nu kapungkur,
mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna.
Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho
gusti nu Sajati.
38. Tunggul tong dirurud, catang tong
dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana
purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal
timana?, cicing dimana? Balik kamana?
39. Urang teh bakal pinanggih jeung
poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot
pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng,
bakal ngagebleg deui jeung mantena.
40. Hirup katungkul ku umur, paeh teu
apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri,
mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
41. Positip x posotip= positip.
Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun
eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu
salah dibenerkeun eta salah.
42. Ratu tara ngahukum, raja tara
nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade,
melak goreng jadi goreng.
43. Ulah taluk pedah jauh, tong
hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu
diteang, tebih kudu di sungsi
44. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun
paantay-antay tangan
45. Neangan luang tipapada urang
46. Ulah nyaliksik ku buuk leutik
47. Ulah lunca linci luncat mulang
udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
48. Ulah pagiri- giri calik,
pagirang- girang tampian
49. Bengkung ngariung bongkok
ngaronyok
50. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di
unggang
51. Hirup di alam dunya sembaheun
anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga,
naraka jeung sagala eusina
52. Hate nu Kalingkung ku wawangunan,
kalingker ku papageran.
53. Miindung ka waktu, mibapa ka
zaman
54. Sabar teh lain Ditampiling
cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
55. Sagolek pangkek, sacangred
pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
56. Meredih kana asihna Gusti, menta
kana murahna nu Kawasa.
57. Jeung dulur mah Jauh silih
tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah
silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
58. Dedeg sampe, rupa hade, patut teu
nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
59. Bisi aya elmu kasungkur-sungkur,
pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti
kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
60. Ulah jalir janji lanca-linci
luncat mulang udar tina tali gadang
61. Zaman kiwari mah Anu dakwah kari
pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
62. Dimana-manahurung nangtung siang
leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu
sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa
bagja anu sampurna salamina
63. Kateter basa, kalangsu mangsa,
katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na
diri, miharep, ngapimilik anu sajati
64. Dina sawatara isuk, dina sawatara
wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara
harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg
jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan
marengan caang jalan pasampangan
65. Peun we ah papait ka tukang,
kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen
cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna
nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup,
ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning
rasa
66. Panon poe geus moncorong, indung
beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray
hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
67. Pajajaran kari ngaran, Pangrango
geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
68. Lamun neda kudu ka Pangeran,
mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen
nganti-nganti
69. Amit ampun nya paralun, ka Gusti
Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
70. Kaluhur neda papayung, papayung
Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
71. Ampun ka anu Maha Agung, Nu
kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na
72. Lain rek mamatahan nerekel ka monyet,
mamatahan ngojay ka soang.
73. Geura menta hampura kanu jadi
bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam
dunya.
74. Hariring lain nu kuring, haleuang
lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha
Wenang
75. Jelema mah tungkul tumpuk
kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji
isuk teu dipake
76. Lain sia kudu melaan agama, tapi
agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
77. Sakur nu rek ngarugikeun kana
diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
78. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana
datang bala sobar, datang untung sukur
79. Geura leungitkeun sirik pidik nu
ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
80. Ditarima ku panangan dua, disuhun
dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
81. Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi
saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab,
sareuneuh saigel
82. Ari nu ngaranna hukum adil teH
teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
83. Dimana urang doraka ka indung
bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander.
Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu
ruhai, matak beuleuweung kanu niupna
84. Ulah gugur samemeh tempur, ulah
perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan
dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
85. Taat sumembah kanu janten rama,
sumujud tumut kanu janten ibu
86. Dihareupeun aya kasusah, ditukang
pasti aya kabungah
87. Dahareun anu asup kanu awak,
bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati
88. Mudah-mudahan urang kakungkung ku
rohmat pitulung nu Maha Agung.
89. Sasanget-sangetna leuweung, moal
leuwh sanget tibatan sungut
90. Manusa mah beda jeung anjing
budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti
bilatungan bakal anggih jeung balitungan
91. Kudu mampu tungkul kanu jukut,
ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
92. Amit kanu mangku lembur, kanu
nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
Sanajan
urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha
Kawasa urang sumerah pasrah
1 komentar:
Pamugi disarungsum deui jalaran seueur éjahan nu kirang merenah.
Hapunten nu kasuhun, jembar pangampura nu diteda..
Posting Komentar