Jumat, 18 Mei 2012

PUPUH KINANTI


Teungah peuting, keur jemplang jempling
kuring nyaring, teu geunah cicing
hate meulang, sumoreang
buah ati lawas teu patepang

Cuang cieung, kuring sorangan
nunggelis di pangumbaraan
lieuk deungeun, lieuk lain
taya pisan tempat pamuntangan

Rek sasambat kasaha nyanyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan titipkeun nya diri
iwal ti ka Gusti Hyang Widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
ka Junjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing piker

Rek sasambat kasaha nyanyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan titipkeun nya diri
iwal ti ka Gusti Hyang Widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
ka Junjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pikir

Tidak ada komentar: